Kamis, 20 November 2008

emaaaa...........

“Emaaa... Hayang Kiih!!!”

Aya hiji carita... tentang budak leutik...
Ieu budak teh leutik keneh (apanan eunggeus tadi disebutkeun nya heuheu)
Umurna kinten-kinten kirang langkung (asa pemborosan kata-kata nya hahahaha) opat taunan lah...
Keur meumeujeuhna kumincir mun ucing tea mah...
Ieu budak teh polos pisan... (bae da budak nya... nyungkeun di maklum weh ku para ibingers nya... naon ateuh hahaha)

Dina hiji mangsa, sore2, kabeneran keur aya tamu di imahna teh...
Indung bapana keur ngobrol di tepasan jeung tamu teh...

Teu lila,, kurunyung ieu budak bari nyarita, “Ma,,, hayang kiih!”

Ngadenge anakna kitu, Eta indung budak rada eraeun ku tamu teh...
Disampeurkeun eta budak teh tuluy dipapangkeun (asa teu enakeun bahasa teh nya heuheu)

Saeunggeus kitu... indungna tuluy nyarita ka budakna, “ujang, jalu, kasep, bageur, engke mah mun hayang kiih, tong nyebat kiih nya,,, isin ateuh... hoyong nyanyi kitu nya!”
Maksud indung namah meh teu ngerakeun deui kitu...
Budak na tuluy unggeuk dipapatahan ku indungna teh...

Isukna si budak nyarita deui, “ema... hoyong nyanyi!”
Indungna geus ngarti.. tuluy weh dipapangkeun eta budak teh...

Lila kalilaan, eta budak teh jadi kabiasaan, mun hayang kiih teh nyebutna nyanyi...

Dina hiji mangsa,, ieu budak keur ngendong di imah akina...
Sarena bareng jeung si aki...

Keur meujeuhna sarare (peuting panginten nya)... eta budak hudang...
Da hayang kiih...
Tuluy weh ngahudangkeun akina....

“aki... ki... ujang hayang nyanyi!”
si aki ngajawab, “aduh... tos wengi kasep,, engke bisi kaganggu tatangga... keun weh isuk deui rek nyanyi mah nya... jalu!”

tapi eta budak tuluy merengek (halah punten teu apal sundana heuheu) bari nyarita deui, “atuh ki, da geus teu kuat!”

ku akina ditembalan deui, “nyanyi wayah kieu mah gandeng atuh kasep... engke kaganggu batur... isuk weh nya... sok hayang nyanyi naon wae isuk mah pek tah...”

“ah si aki mah... ari geus teu kuat kumaha atuh ki...” ceuk budak teh...

si aki nyerah oge ahirna mah...
“sok ateuh jalu, ari geus teu kuat2 teuing hayang nyanyi mah,, yeuh di hareupeun cepil aki... tapi lalaunan nya”

sok welah bayangkeun ku pembaca sadayana ending namah...
teu kiat ah ngadongengna ge...
hwuahahahaha
heuehueheueheu

pileuleuyan jejer usep
paturay kerenyed deui
leup... seut... guriwell...

Tidak ada komentar: