Dina Hiji waktos di Madrasah Pa Ustad keur ngawuruk Barudak nu rek diajar ngaji, salah hijina si Emuh (Biwir na suing )
Pa Ustad : Muh ...turutan Bapa nya
Emuh : Nya Pa Ustad
Pa Ustad : Alif...
Emuh : Alif
Pa Ustad : 'Ba...
Emuh : 'Mpa..
Pa Ustad : 'Ba....
Emuh : 'Mpa...
Pa Ustad : Sanes Pa,,,tapi 'Ba...
Emuh : 'Mpa...
Pa Ustad : (Rada ngamaklum).. he.. geus tuluy keun we. Ta'...
Emuh : Taaa...
Pa Ustad : Bentes geuning..?! harkat na ulah panjang teuing. ayeuna 'Tsa..
Emuh : saaa....
Pa Ustad : (bari ngusap dada, sing sabar aing teh). ayeuna Jim...
Emuh : Jip....
Pa Ustad : Jim...
Emuh : Jip...
Pa Ustad : (kasabaran na beak) Treuk goblog..
ahahahahaha
Kamis, 20 November 2008
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar