Kamis, 20 November 2008

king of camp ung

KING of CAMP UNG

Aya dua jawara..
Jawara teh jagoan kampung bisi teu apal mah..
Mun apal mah pek bae weh (naon ateuh aheuheuheu)
Eta jawara teh nu nyeukeulan masing2 kampung,,,
Pokonamah kabeh ge sarieuneun ku dua jawara ieu teh...

Ngan,, (tah mimiti hehe)
Ieu dua jawara teh pupusuhan...
Tapi dua-duana pada-pada teu apal rupa (nahanya??? Ngaranna ge dongeng ateuh pembaca... ulah loba protes lah heuheueheu)

Dina hiji mangsa, ieu dua jawara teh kabeneran paamprok di jembatan nu ngahubungkeun dua kampung...

Tiba2 nu hiji jol nyarita, “heh, sia jawara kampung?”
Da katingalieun meureun ari waragad jawara mah...

“He eh!! Aink jawara kampung, Rek naon kitu?” tembal nu hiji deui...

“biasa weh nembalna. Balaga siah!!! Aink ge sarua jawara, goblog!!!”

“sia apal ieu aink nyeukeulan naon?”
“apal!! Bedog, goblog!”

“ari sia apal aink ieu mawa naon?”
“apal!!! Kampak, goblog!”

“daek tuker??”
“sok!”

geus weh maranehna patuker-tuker pakarang...
gelut namah heunteu da sihoreng teh duanana pada-pada sieun...
sorry,, no anarrki dude!!!
aheuheueheueheu

pileuleuyan jejer useup
paturay kerenyed deui
Leup... Seut... Guriwell...

Tidak ada komentar: