LOTEK JEPANG
Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang. Geus jam 2 beurang can dahar wae, atuh puguh lapar pisan.
“Mah lapar henteu?”, ceuk Abah
“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
“Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureun”
“Enya nya, biasana gancang, teu perlu mesen heula”
“Tuh aya restoran nu palayana make robot!”
“Enya nya, make robot mah sigana gancang disuguhkeunana”
Kacaritakeun, sup weh ka restoran robot eta.
Gek diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya wae palayana teh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pek ngomong :
“What is your nationality?”, robot nanya.
“Indonesia” ceuk Abah.
“Selamat datang”, ceuk robot make bahasa Indonesia.
“Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.
“Sunda”, ceuk Abah.
“Wilujeng sumping. Bade pesen naon?” ceuk robot make basa Sunda.
“Aya lotek?”, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.
“Aya”
“Pesen dua porsi”
“Porsi ageung atanapi alit?”
“Porsi ageung”
“Sabaraha cengekna?”
“Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”
“Nganggo kangkung?”
“Enya”
“Nganggo waluh?”
“Enya”
“Nganggo engkol?”
“Enya”
“Bade engkol ti China atanapi asli Jepang?”
“Nu mana wae lah”, Abah mimiti rada ambek.
“Kacangna bade direndos atanapi di blender?”
“Kumaha sia !”
“Kacangna setengah mateng atanapi mateng?”
“Goreng sing garing!”
“Nganggo goreng bawang henteu?”
“Make, kehed!” Abah sesengor tarik pisan.
“Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?”
“Dipiringan !”
“Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?”
“Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.
Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira tilu menitan kakara robot teh ngomong deui :
“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan”
“Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?”
“Kumargi teu acan aya jalantahna”
“Bisa gelo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !”
kuring gura-giru indit bari kukulutus
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar