Pahlawan di tengah Samudra???
Dina hiji poe, di luhur kapal laut di tengah laut... (eh he eh kapal laut mah nya di laut ateuh piraku di cai nya)
Eta kapal teh kacida pinuhna...
Jelema teh pinuh sesek neupi ka luar2...
Panumpang neupi ka heurin usik di pager2 kapal tah....
Pas di tengah laut... tiba2 aya panumpang anu labuh... Gujubarrr... (kitu meureun sorana teh)
Panumpang kabeh ting jareurit.... tapi euweuh saurang oge nu daek nulungan..
Panumpang silihtuduhkeun... “sok ateuh ku maneh tulungan!” aya nu ngabales “embung ah, urang mah teu bisa ngojay! Sok weh maneh” aya deui nu ngomong, “urang bisa ngojay, ngan sieun ku Hiu a.k.a. Sing Baurekso...”
Keur rariweuh kitu... tiba-tiba... aya nu ngagejebur...
Truz nu ngagejebur eta geuwat2 ngojay kanu labuh tadi truz ngomong, “ban euy... alungan ban!” ku nu di laluhur kapal langsung di alungan ban... trus dibantuan nepi ka naraek deui eta nu di cai teh...
Geus di luhur kapal, eta jelema (tapi geus kolot, aki2 –red) loba nu mere salamet, muji jeung sajabana.. “wah hebat bapak, pemberani”, “wah bapak adalah pahlawan!” “wah, untung ada bapak,,, bapak emang pahlawan”
Tapi...
Si aki2 nu nulungan ieu kalah ambek bin bendu di bere selamat ku nu lain teh... truz ngomong,
“saha tadi anu ngajongklokkeun urang? Goblog siah!”
sihoreng, ngagejebur teh lain rek nulungan nu labuh, tapi aya nu nyuntrungkeun di luhur kapal...
aya-aya wae nya ai carita ti kang ibing mah...
heuheuheu
pileuleuyan jejer useup
paturay kerenyed deui
Leup... Seut... Guriwell
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar