Leunca
Aya hiji jelema,, sore-sore nangkring di hareupeun imahna...
Manehna make kacamata anu KANDEL pisan...
Teuing min sabaraha tah...
Pokonamah ngagebleg weh... bayangkeun welah heuheueheu
Keur ngeunah-ngeunah nangkring, tiba-tiba aya tukang dagang ngalewat...
Tuluy weh ku nu nangkring teh di geroan, “Mang... Jeruk!”
Tapi eta tukang dagang teh tuluy weh leumpang...
“Jeruk...!! Jeruk...!!” digeroan deui eta tukang dagang teh...
tapi anggeur eta tukang dagang teh ngingkig weh terus...
katiluna mah rada ambek ngageroanna teh, “Mang, Jeruk,, teu butuh duit maneh? Kadieu aink rek meuli!!!”
tuluy eta tukang dagang ngalieuk bari nembal, “Ka abdi Pa?”
“he eh maneh! Kadieu.. da rek meuli aink teh lain rek menta ateuh!! Kawas nu teu butuh duit weh!!” ceuk nu nangkring.
Ahirna, eta tukang dagang teh nyampeurkeun...
“Jeruk na amis teu? Mun amis mah meuli 2 kilo lah!!” ceuk nu nangkring teh.
Si tukang dagang nembalan, “Punten pa, ieu mah sanes jeruk, LEUNCA!!!”
Barang dibuka kacamata na, bener weh leunca lain jeruk!!!
Paingan ateuh digeroan jeruk teh teu ngalieuk-ngalieuk...
Sihoreng kacamatana kandel teuing... nepi ka siga suryakanta a.k.a. Lup a.k.a. Kaca pembesar
Aheuheueheu
Pileuleuyan jejer useup
Paturay kerenyed deui
Leup... Seut... Guriwell...
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar